Tepang Taun
Poé Saptu kaping 23, Januari 2010 nyaéta poé anu paling ngabungahkeun tapi sakaligus poé anu paling pigeuleuheun anu pernah dialaman ku abdi kusabab dina poé éta téh abdi tepang taun anu ka 13 taun tapi dina sapanjang poé éta abdi di jieun keuheul pisan ku babaturan abdi.
Mimitina téh abdi sareng Nina, Anggi, Linda, jeung Fina téh bade kerja kelompok ngeurjakeun tugas IPA . Kasepakatan si sakola mah bade ngerjakeun di bumi Anggi poé Saptu jam 10 tapi pas abdi dating ka bumi Anggi jam 09.30 saur mamahna téh “Anggi na teu aya nuju di bumi nenekna”, nya abdi téh reuwas atuh, da ongkohna bade ngerjakeun di bumi Anggi tapi pas abdi kadinya majarkeun téh Anggi na teu aya.
Teu lila aya sms ti Nina ngabarkeun lamun kerja kelompok na téh teu jadi di imah Anggi tapi di bumi Fina hya abdi téh atuh ngagedig ka bumi Fina bari jeung perasaan anu rada kesel téa da informasina teu baleg. Sanepina di bumi Fina, di bumi na téh teu aya sasaha atuh abdi téh beuki kesel, beuki gendok, na hate téh . Sanggeus éta abdi ngasms deui ka Nina “Nina kumaha ieu téh jadi heunteu kerja kelompok na abdi tos ka bumi Fina tapi dibumina teu aya sasaha. ” teu kungsi lila si Nina ngabales “enya jadi is tapi di bumi abdi da di bumi Fina mah teu aya sasaha ceunah punténnya tadi abdi salah ngirim informasi hehehe…. ”.
Aduh geus mah gendok, keuheul, cape ayeuna dititah ngagedig deui ka imah Nina atuh abdi téh beuki ambék da asa di maénkeun ku babaturan. Bari capé jeung keuheul tungutng namah jam 11.00 abdi nepi di bumina Nina pas dating, teu aya sasaha teu aya réréncangan anu lain kur aya si Nina sorangan, pas ditanya kamarana anu lainna si Nina teu bisa ngajawab kalah cicing waé bari nitah ngerjakeun tugas ka abdi éta mah nu ngaran ngambék téh bener-bener ambék pisan.
Pas ngerjakeun tugas si Nina téh embung ngabantuan kalahkah ngomé hape wéh bari sms-an padahal abdi téh tos nitah manehna migawé tugas téh babarengan. Lila kalilaan da abdi téh kesel lamun di kieukeun waé abdi téh rék balik wé ah teu paduli éta tugas geus beres atawa encanna mah. Abdi ngomong ka Nina “Na abdimah bade pulang wé ah naon kerja kelompok téh kieu geuning teu baraleg ” Nina ngajawab “nya jug wé “ ngadangu ngajwab na meni kitu beuki kesel abdi téh.
Pas muka panto rek kaluar, ujug-ujug aya Linda, Anggi, jeung Fina keur narangtung bari nanggeuy kueh jeung nyaranyi “Happy birthday to you ,, Happy birthday to you,, Happy birthday ,, Happy birthday ,, Happy birthday to you “. Atuh éta mah perasaan ambék, kesel, cape téh leungit anu aya ngan rasa bungah pisan di béré kejutan ku sobat-sobat abdi sugan téh teu inget kana poé tepang taun abdi eh pek téh aringet keneh. Kajadian bieu téh rencana kabehan keur nyieun abdi kesel dina poé ulang taunabdi, aduuh meni bungah pisan.
Poé eta moal pernah bias di pohokeun ku abdi, poé eta bakalan jadi poé anu paling berkesan. Hatur nuhun sobat-sobat abdi.
Wasta : Ismawati
Kelas : X-AP 2
Tidak ada komentar:
Posting Komentar