Minggu, 30 Januari 2011

Abong Lalaki

Kiwari Ema keur nganjrek di imah kurabong-lalakiing. Duka kunaon lantaranana nu matak anjeunna kersa matuh di kuring. Padahal nu enggeus-enggeus mah mindeng ngajak Ema, sok tara kersaeun. Karunya ku Apa cenah.
Tapi basa kamari, Ema sumping, angkaribung mani sagala dicandak. Anggoanana sakoper metung katut sagala rupi pangabutuh anjeunna. Angkatna nyalira deuih. Matak ngahudang kapanasaran. Sasarina lamun angkat-angkatan, ngalayad pala putrana sok sasarengan bae sareng Apa. Boh nyaba ka kuring nu ngumbara pangjauhna, boh ka Sukarya jeng ka Neng Wita nu rada dareukeut.
Tacan ari tetelepek nanyakeun mah. Kumaha tea, naha tea. Bungah wae kasumpingan ku Ema teh. Komo lamun bakal lawas mah. Eta pisan nu diarep-arep ku kuring jeung pamajikan teh. Malah kahayang mah saterusna.
Kayid mah hayang mulangkeun kadeudeuh, mulangkeun katresna jeung cisusu nu geus ngagelarkeun kuring nepi ka sakieu jadina. Peupeuriheun mitoha mah, sasat geus henteu sabeulah-beulah acan. Taun kamari mungkasna ngaladenan teh.
Kaanjrekan Ema teh dipikahayang naker. Saluyu jeung karep pamajikan. Hanjakal can boga bati. Euweuh cooeun.
Aya eta oge ari kecap cariosan basa jol pisan mah.
“Rek matuh lawas Ema teh Wida nu matak sagala dijingjing. Hayang ngadon reureuh…….” saurna ka pamajikan kuring.
“Hatur nuhun Ema kersa lami mah. Ti kapungkur oge diantos pisan. Nya Engkang…..”, tembal Widarsih bari ngalieuk ka kuring.
Tapi saprak Ema sumping, katingalna teu pati berag. Diajak pelesir kaditu kadieu teh teu purun bae. Sedengkeun nu enggeus-enggeus mah sifat Ema teh salawasna sok gumbira. Pikaresepeun ari cumarita. Hegar obrolanana, sok ngundang pikalucueun. Ari ieu bet siga aya nu diemutan.
Ngajeueung pasemon Ema kitu sok hayang pok wae naroskeun. Tapi tacan wani pok mah. Bilih teu raoseun manahna, jeung matak ngagareuwahkeun.
Sanggeus Ema ya tilu poe di kuring, kirining aya interlokal naroskeun Ema. Wita nu interlokal teh. Beurangna samemeh tutup kantor jol deui interlokal ti Sukarya. Sarua nanyakeun Ema. Asa rareuwas. Reuwasna teh naha pertanyaanana sarua. Angkatna Ema ti bumi teu kauninga ku Apa. Teu ninggalkeun wartos rek ka saha-sahana.
Nampa interlokal nu natanyakeun Ema, teu cukup ku ngarasa bungah yen nu jadi adi gede katineungna ka indung, katut Ema di jalanna salamet. Jaba ti eta teh malah jadi bangbaluh pikiran keur kuring mah. Kawas aya hiji hal perkara, nu ngabalukarkeun Ema angkat ti bumi kalayan teu wawartos heula ka Apa. Tur naha bet imah kuring nu diboro, lain imah Wita nu deukeut di Bandung atawa Sukarya pisan nu pangdeukeutna di Cirebon?. Lamun rek titirah mah, asa leuwih merenah di Bandung di Wita. Kawasna supaya ulah deukeut jeng Apa nu dipamrih ku Ema teh.
Rada teu junun poe eta mah digawe teh. Eta kapangaruhan ku masalah Ema tea. Angkat ti Jatiwangi teu kauninga ku Apa. Kawas nu keur pundung. Asa piraku ari kedah aya pacogregan sareng Apa mah. Jajauheun. Cek basa dituna mah hubungan Apa jeung Ema salawasna harmonis. Geugeut layeut ti barang Apa dines keneh. Lamun ayeuna mah boa matak meunang anugrah rumah tangga teladan. Anak jareujeuh kabeh. Bojo teu nyandung nepi ka pakotrek iteuk. Awak sehat nepi ka pangsiun. Bakti ka nagara cukup. Paraku deuih pasea mah, lantaran kakirangan resiko dapur.
Atawa eta kituh pedah Apa masih keneh resep ngaben. Ngadu hayam jago? Asa geus teu jadi masalah deui. Kalangenan eta mah geus mangrupakeun kalangenan nu nahun. Nu geus pada uninga. Cek urang Batawi tea mah geus saling pengertian. Nu geus teu jadi masalah deui.
Ngadu hayam saur Apa, kaasup kalangenan menak baheula. Napel adat menak teh dina salira Apa mah sok sanajan anjeunna lain turunan menak. Saukur nyangking kalungguhan Wadana hasil milu bajuang nu asalna mah ti tingkat handap heula.
Kapanasaran teh dicaritakeun ka Widarsih. Disakolana basa balik mapag manehna.
“Janten ka Engkang mah teu acan nyarios?” Pokna.
“Teu acan…. Kumaha ka Wida?”  Cek kuring. Nanyakeun teh bari rada kerung. Eta ku boga rasa boa ka Widarsih mah Ema geus nyarios.
Widarsih imut. Katembong dina kaca spion motor.
“Nyarios ka abdi mah. Mung henteu panjang carios. Angkat ka urang teh henteu langsung ti Jatiwangi, angkat ti bumi Uwa Imas ti Cikulak…” Cek Widarsih. Ema teh bibit buitna mah urang wewengkon Ciledug. Lemburna mah ti Cikulak.
“Sugan tos nyarios, pedah ku naon teu wawartos ka Apa?
“Dupi Engkang uninga Ema teu wawartos ti saha?”
“Apan tadi aya interlokal ti Wita jeung ti Sukarya….” Cek kuring teh.
“Naroskeun Ema?!”
“Enya….Dadakuna mah eta cenah hariwang di jalan. Bisi kumahaonam tea. Ma’lum pajamanan ayeuna, supir teh sok ngebut….”
Di imah sabada solat lohor, ngariung sareng Ema. Aya interlokal ti barudak teh dicarioskeun. Sajongjongan mah Ema teh ngahuleng. Sapertos aya nu diemutan.
“Nanyakeun Ema meureun nya?!”
“Leres…..” Tembal teh. Teu gancang dicaritakeun ari Apa uningaeun mah.
“Beja naon deui cenah ti barudak? Moal nyaritakeun inditna Ema mah ka Tata?……”
“Kantenan nyarioskeun mah. Leres kitu angkat teh Apa teu uningaeun?”
“Enya………malah geus nyarita ka Neng Wida mah……”
“Parantos ku abdi oge dicarioskeun ka pun lanceuk………” . Cek Widarsih nu keur jongjon mariksa kertas ulangan muridna.
Ema ngarenghap lir aya rasa bangbaluh nu hayang dilesotkeun tina lebet manahna. Kaca soca nu keur dianggo dilaan. Kitu deui buku nu tadi keur diaos diecagkeun kana meja. Buku Modana nu anyar medal karangan Ki Umbara sareng R.H. Oeton Muchtar.
“Ana dipikir ku Ema, talajak Ema teh kawas budak……….” Saurna teh bari meresihan kaca socana ku saputangan. Can wani megat kalimah kuring teh. Kitu deui Widarsih nu keur nyurat-nyoret kertas ulangan ngan ukur cengkat sirahna. Bolpoint beureumna diecagkeun. Kawasna hayang ngabandungan cariosan Ema. Atuh kuring calangap kaget, naha bet ka dinya cariosan Ema anjogna. Lantaran cariosan Ema teu laju, celengkeung teh Widarsih ngomong.
“Dupi margina Ema…….?!”
“Tapi deuih, …….. munasabah kikieuan teh. Ku asa diteungteuinganan. Asa diwiwirang naker Ema teh ku Apa maraneh……..” Saur Ema semu dareuda. Kuring beuki heran. Maceuh teuing kitu Apa ngabenna, nepi ka popohoan teu emut mulih ka bumi. Cul Ema di bumi nyalira?.
“Nu matak, satungtung maraneh suka rido kacicingan, moal rek balik ieuh Ema mah. Keun sina karasaeun…….” Saur Ema tatag deui nyariosna.
“Aya kajantenan naon kitu Ema?!” Cek kuring panasaran.
“Goreng saenyana lamun ku Ema dicaritakeun mah, Tata. Hartina Ema geus wani ngadoni salaki ka nu jadi anak. Tapi goreng deuih balukarna lamun Ema henteu nyaritakeun ka maraneh perkara ieu. Bisi ninggang salah di Ema”.
“Kantenan bae kedahna mah Ema ngawartosan. Supados henteu janten bangbaluh kanggo Ema nyalira. Perkawis bade linggih di dieu, moal dugi ka disusuhunkeun atuh upami abdi sareng Widarsih henteu rido mah kalinggihan ku Ema.”
“Sukur bae ari kitu mah. Kieu awit mimitina mah…… Ema jeung Apa teh keur niis di tepas hareup. Nyawang kaendahan gunung Ciremai jeung pasir-pasir nu ngajepat kiblateunana. Ma’lum geuning imah urang teh nyanghareupan pisan panorama pagunungan jeung dumplukan padataran Majalengka jeung Talaga. Imah urang teh asa notog pisan tetenjoan ka beulah kidul teh. Nyanghareupan jalan bari teu kahalangan ku nanaon. Iwal kakayon bubuahan di pakarangan imah. Sawah nu garing teu diparelakan, da puguh euweuh caina. Ngaplak hareupeun deuih. Isuk keneh harita teh. Haneut moyan. Apa ngalageday dina korsi males. Nyanghareupan cikopi jeung surabi nu haneut keneh. Nyesepna bako padudan. Reueus Ema teh. Reueus ku kahirupan nu ngahenang-ngahening teu aya barebedan tug nepi ka kolot. Nepi ka pakotrek iteuk.
Keur kitu teh jol aya tamu pupuntenan jeung dodongkoan nyampeurkeun. Apana cengkat. Si tamu teh geus kolot diiringkeun ku budak awewe. Mani geulis budakna mah. Tukangeunanan deui aya nu nyampeurkeun lalaki. Gagah deuih. Asupna pandeuri dan neundeun heula motorna. Ari nu kolot mah tiheula markir motorna teh……” Ema ngarenghap heula. Tuluy ngarot. Kawasna tuhur tikoro.
“Terasna…..?” Cek Widarsih nu geus pindah milu ngariung diuk dina sofa bareng jeung Ema. Si eta mah sok saregep ari ngadengekeun obrolan teh. Isukna sabada tas ngadengekeun , sok geus jadi karangan. Lumayan cenah keur nambah-nambah resiko lamun hasilna dimuat mah.
“Nilik kana dangdanan mah si tamu teh lain priyayi. Kawasna somahan. Ngan awakna beresih tur kawasna kabeuli ku dunya. Solonong nu tiluan teh sasalaman. Boh jeung Apa boh jeung Ema. Apa ngagentraan Jang Sanim sina mawa deui korsi, da puguh kurang di tepas teh. Ema mah ngatur nyadiakeun opieun bae ka Sanim teh. Sanggeus tamu tarapti diuk, kakara Apa teh naros ka tamu. Adat jeung wewesen menakna mah masih keneh napel najan geus pangsiun oge. Da katingali bae tamu teh mani keom-keom bae ditaros ku Apa teh.
“Tangtos Juragan mah parantos hilap ka abdi……?!” Cek tamu nu kolot. Ari tamu lalaki nu ngora mah sok deuleu maling bae ka Apana teh. Kawas nu keur nyidik-nyidik.
“Ih tangtu bae….. Komo kiwari kuring tos pangsiun. Asa lali.” Saur Apa. Serebung padudan teh haseupna diserebungkeun, sabada diserot bangun ni’mateun.
“Juragan istri atuh mani ageung sehat salirana……….” Pokna teh ka Ema.
“Kantenan Mang……… Eta kitu pedah senang teuing tos teu gaduh uruseun. Iwal ieu atuh bapana barudak…” Tembal Ema reueus.
“Saha tea Emang teh. Kuring oge ngarasa asa-asa geus wawuh……” Saur Apa.
“Upami dipercanten mah abdi teh pun Kusna nun….”
“Ooooh?!!……” Cek Apana. Bari unggut-unggutan. Ret panon Apa teh nempo ka budak awewe. Ret nempo ka bapana nu geus kolot. Umur bapana kawasna sakoloteun Apana. Tapi kaciri cangker keneh. Apa rada rampang-reumpeung. Beda rindatna. Tapi teu lila. Katembong biasa deui.
“Ti…….” Cek Apana.
“Sumuhun ti Gegesik tea……..” Tembal Ki Kusna.
“Mangga atuh dilaleueut etah caina Ujang Nyai…….” Cek Ema teh.
“Enya inget ayeuna mah. Kumaha calageur urang ditu?!”
“Pangesto. Alhamdulillah…………”
“Aya keperluan meureun nya nu matak jauh dijugjug anggang diteang teh? Jeung ti saha Mang Kusna meunang alamat kuring di dieu?”
“Tangtos bae Juragan, nu mawi abdi ngabujeng ka dieu. Dupi terang alamat Juragan mah ti pun Sastra nu sami parantos pangsiun.
“Oh enya ti Sastra Mantri pulisi tea nya? Si naon teh baheula ari disebut teh?”
“Sumuhun kapengker mah sok disebat Sastra Jendil.”
“Enya….enya Sastra Jendil. Jadi masih hirup keneh nyah? Naon kaperluan teh Mang Kus…..?” Cek Apa. Nyarios kitu teh bari nyusutan kesang. Padahal hawa can panas pisan. Ema ngarasa heran oge. Apana bet beda pepetaan. Kawas ngandung karempan.
Mang Kusna tea nu ditaros ku Apa kawas rada bareurat rek nyarita teh. Kapokoh ku Ema dijujurung. Pokna.
“Hatur rewu nu kasuhun ka Juragan istri sareng Juragan pameget. Nu mawi abdi nepangan, ieu kajurung ku embuna pun incu. Wirehna ieu pun incu parantos dugi kana wancina, parantos doongkap kana mangsana kedah rimbitan. Kaleresan aya nu ngersakeun. Nya iue buktosna……” Bari nunjuk ka budak lalaki nu diuk digigireunana.
Reg nyaritana ngarandeg. Teu laju. Kawas nu bareurat. Cek pikir Ema naha rek ngondang atawa rek aya naon. Atuh cek Ema teh.
“Maksad Emang mah, rupina bade ngondang atanapi…….?!”
“Ih……..langkung ti kitu maksad teh Juragan…..” Pokna bari nyerengeh seuri. Budak nu duaan katembong moyeg teu geunah cicing. Padahal korsi teh euweuh tumbilaan. Jeung moal boga tumbila weh di urang mah.
“Abot sayaktosna mah, naon nu bade disaurkeun ka Juragan teh. Boh bilih ngajantenkeun rengating manah kanggo Juragan. Nanging dosa upami ku Emang henteu disaurkeun………..” Pokna.
“Saena mah mangga geura wakcakeun bae. Ulah asa-asa deui. Ku kitu ku kieu timbangan aya di kuring sareng ieu bapana barudak………” Cek Ema. Mang Kusan ngareret heula ka Apa. Nu direret cicing bae. Anteng nyeuseup padudan. Tapi tuluyna mah unggeuk ngaenyakeun.
“Hapunten sateuacana Juragan………..” Pokna ditujukeun ka Ema.
“Enya cik pek geura caritakeun bae……….” Tembal teh.
“Ieu nu calik gedengeun Juragan istri, pun incu. Putrana pun anak nu wastana Castini. Sinden tarling nu waktos harita mah moal aya nu bireuk deui sa Kabupaten Indramayu sareng Cirebon mah. Sabada  sim kuring pindah ka Gegesik katut pun anak, manehna pareng tepang sareng tuang raka nu harita nuju mancen tugas di Arjawinangun. Waktos masih asisten keneh. Ku kersana Pangeran itu ieu kasengsrem, dugi ka nikahna sanaos mung sakedap. Samuni ti Juragan istri. Nanging sanaos sakedap, tuang raka ngantunkeun bati nuju pun incu umur opat sasih. Nya ieu buktosna.” Jeleger teh kana ceuli Ema asa aya gelap saleser. Tapi kasewot nu ngagenduk dina angen ditahan.
“Jadi maksudna…….” Cek Ema bari neuteup ka Apana nu sepa rarayna.
“Janten maksad nepangan teh teu aya sanes mung bade nyuhunkeun diwalian ku ramana nu kagungan hakna. Sakantenan nepangkeun wae, pun incu Supartini kagungan rama nu jumeneng keneh. Rama nyalira…..”.
“Tah kitu Tata, Neng Wida awitna mah. Heg geura palikiran ku maneh kumaha rasana nu dibongohan. Abong kena lalaki. Genep welas taun lawasna Apana teu wakca balaka. Ema teh nyeri asa diteungteuinganan. Asa teu dihargaan. Asa diwiwirang. Sedengkeun Ema sok agul ka batur, boga salaki teh jujur teu kawas batur. Tara nyolowedor. Sagala brukbrak. Ari ieu…….. Era Ema teh……. era Tata……….. Neng Wida……….” Curucud soca Ema nyurucudkeun cipanon.
Di hareup aya nu keketrok. Plak panto aya nu nyurungkeun. Heab hawa panas ti luar asup bareng jeung asupna waruga sepuh……….. Apa….. Gancang Ema nyusutan cisoca nu ngalembereh. Kuring munjungan. Disambung ku Widarsih.
Apa jeung Ema pateuteup. Nyeh Apa imut….. Kawasna bengras deui.

Carpon : Tukang Kembang


Utamana Inggit nu ngarasa leungiteun téh, kawantu pangdipikanyaahna. Geus dianggap incuna sorangan. Kabeneran ampir Saumur jeung rék sarimbag jeung incuna sorangan. Unggal di Aki mulang ke lemburna, balikna deui téh kudu baé aya oleh-oleh husus keur Inggit.
Terutama inggit yang merasa kehilangan itu, sangat disayang. Sudah dianggap cucunya sendiri. Kebetulan hampir seumuran dan mirip dengan cucunya sendiri. Setiap si Kakek pulang ke kampungnya, pulangnya lagi harus saja ada oleh-oleh khusus untuk Inggit
Saréréa. Saimah-imah. Pa Gumbira, apana inggit. Bu Gumbira, indungna. Nya kitu deui adi jeung lanceukna, Ikbal katut Jatnika, sarua ngarasa leungiteun. Ngan ku sabab raketna pisan jeung Inggit, manéhnamah leuwih-leuwih asa leungitanana téh.
Semuanya, serumah-rumah. Pak Gumbira, bapaknya inggit. Bu Gumbira ibunya inggit begitu juga dengan adik dan kakaknya, Ikbal dan Jatnika, sama merasa kehilangan. Namun karena dekatnya dengan Inggit, mereka lebih-lebih merasa kehilanga.
“Naha Si Aki téh teu aya baé?” ceuk Inggit ka mamahna, siga rék sahinghingeun ceurik.
“Kenapa Si Aki tak ada juga??” kata Inggit ke mamanya, seperti akan menangis.
“Nya éta mah. Mamah ogé meni asa beuheung sosonggeteun, sono hoyong pendak sareng Si Aki,” walerna.
“Ya itu. Mama juga tidak tahu, sudah kangen ingin bertemu dengan Si Aki,” jawabnya.
“Boa teu damang?” ceuk Jatnika.
“Takutnya sakit?” kata Jatinika.
“Panginten….,” saut Bu Gumbira deui.
“Mungkin…,” jawab bu Gumbira lagi.
“Euleuh, kumaha atuh Mah?” Inggit beuki ngarasa hariwang.
“Aduh, bagaimana Mah? Inggit terus merasa khawatir.
“Kumaha upami urang longok, sakantenan amengan ka Situ Panjalu?” Si Bungsu Ikbal usul.
“Bagaimana jika kita tengok, sekalian main ke Situ Panjalu?” Si bungsu Ikbal usul.
“Leres Pa,” Inggit jol satuju.
“Betul Pa,” Inggi langsung setuju.
Nu dimaksud Si Aki ku saréréa téh, tukang kembang langganan Bu Gumbira jeung Inggit. Tina sering balanja kembang ti Si Aki, laun-laun jadi asa jeung baraya. Mana komo sanggeus Si Aki Tukang Kembang, siga nu nyaaheun pisan ka Inggit. Malah pok deui-pok deui nyebutkeun, asa ka incu sorangan. Atuh beuki asa jeung baraya baé.
Yang dimaksud oleh Si Aki semuanya itu, Tukang kembang langganan Bu Gumbira dan Inggit. Karena sering belanja kembang dari Si Aki, lama kelamaan merasa seperti dengan saudara.
Ampir saban poé, rék dibeulian rék henteu, kudu baé ngahajakeun eureun. Basana téh hayang panggih jeung incu. Nya kitu deui Bu Gumbira, rék ngagaleuh rék henteu, kedah baé miwarang lirén. Puguh deui Inggit mah, sirikna teu ngahajakeun megat di buruan.
Hampir setiap hari, mau dibeli atau tidak, harus sengaja berhenti. Bilangnya ingin bertemu dengan cucu. Bebitu juga dengan Bu Gumbira, mau membeli mau tidak harus menyuruh berhenti. Apalagi Inggitm biasanya sengaja menunggu di halaman.
Biasana samulangna Si Aki ngrilingkeun dagangan. Da tara ka mana deui jalanna, boh inditna, boh balikna, pasti ngaliwat ka hareupeun imah Inggit.
Biasanya sepulangnnya Si Aki mengelilingkan dagangan. Tidak akan jauh jalannya, baik berangkatnya ataupun pulangnya, pasti lewak ke depan rumah Inggit.
Urang panjalu Si Aki téh. Ngaran aslina mah Abdul Manap. Ti keur ngora kénéh geus bubuara ka Bandung. Asalna tukang minyak tanah. Ditanggung maké salang jeung rancatan. Ka béh dieu ganti ngajual kembang.
Orang Panjalu Si Aki itu. Nama aslinya Abdul Manap. Semenjak muda sudah mengembara ke Bandung. Asalnya tukang minyak tanah. Ditanggung menggunakan salang dan rancatan. Ke sananya lagi gantian berjualan kembang.
Sabulan atawa dua bulan sakali sok mulang ka lemburna. Ku sabab geus teu asa jeung jiga téa, ku bu gumbira sering dibahanan oléh-oléh, bawaeun ka lemburna. Aya gula, kopi, sirop, kuéh kaléng, sakepeung pakéan urut keur babasah. Anu tara tara téh ngongkosan, lantaran keukeuh tara ditarima.
Sebulan atau dua bulan sekali suka pulang lagi ke kampungnya. Oleh karena itu, sudah tidak canggung lagi, oleh bu Gumbira sering diberi oleh-oleh, untuk dibawa ke kampungnnya. Ada gula, kopi, sirop, kueh kaleng, kadang kadang ada pakaian bekas untuk ganti. Yang tidak itu memberi ongkos, karena tetap tidak diterima.
Nya kitu deui Si Aki, unggal mulang ti lemburna, tara léngoh. Tampolanana ari keur usum panén mah, sok ngirim béas sagala. Tangtu baé lian ti oléh-oleh husus, keur incu kadeudeuh, Inggit téa. Biasana bungbuahan, manggu, sawo, pisitan, atawa kadongdong. Kumaha usum-usuman baé.
“Begitu juga dengan Si Aki, setiap pulang dari kampungnnya, pasti membawa oleh-oleh. Biasanya jika sedang musim panen, suka membawa beras segala. Tentu saja selain oleh-oleh khusus untuk cucu tersayang, Inggit saja. Biasanya buah-buahan, manggis, sawo, duku, atau kedondong. Bagaimana musim-musimnya saja.
Nu dimaksud oleh-oleh khusus keur inggit teh, sabenerna ukur babasan. Sabab dina prakna mah keur saréréa. Kawantu sakali ngirim téh pasti tara kurang ti sakarinjing gede.
Yang dimaksud oleh-oleh khusus untuk Inggit itu, sebenarnya hanya formalitas. Sebab pada praktiknya untuk semua. Biasanya sekali ngirim itu pasti tidak kurang dari sekeranjang besar.
Tapi geus dua bulan leuwih, ti saprak Si Aki bébéja rek ngalongok lemburna, tacan balik-balik deui. Tungtungna Pa Gumbira nyatujuan kana usul Si Bungsu Ikbal. Upama sabaulan deui Si Aki tetep ngampeleng, sakalian jalan-jalan, rék ngahajakeun dilongok. Kabeneran Si Aki mindeng nyaritakeun ngaran lemburna. Teu pati jauh ti kota kecamatan cenah.
Tapi sudah dua bulan lebih, dari semenjak Si Aki bilang ingin menjenguk kampungnya, belum balik-balik lagi. Akhirnya Pa Gumbira menyetyjui terhadap usulnya Si Bungsu Ikbal. Jikalau sebulan lagi Si Aki tetap tidak kembali, sekalian jalan jalan akan sengaja ditengok. Kebetulan Si Aki sering menceritakan nama kampungnya. Tidak jauh dari kota kecamatan.
“Enya upami sasih payun Si aki angger ngampleng, sakalian jalan-jalan, urang longok. Urang uah-uih baé. Ti dieu Ahad enjing-enjing, pasosonten mulih” sauh Pa Gumbira ka barudak.
“Iyah jika bulan depan Si Aki tetap tidak kembali, sekalian jalan-jalan, kita tengok. Bolak-balik saja. Dari sini minggu pagi-pagi, sore-sore pulang” kata Pak Gumbira ke anak-anak.
“Sakantenan ntobian mobil anyar deuih,” ceuk Jatnika.
“Sekalian mencoba mobil baru lagi,”
Nembe ngagaleuh mobil apan Pa Gumbira téh. Mobil tilas, sedan alit. Tapi najan tilas, henteu kolot-kolot teuing.
“Baru membeli mobil Pa Gumbira itu. Mobil bekan, sedan bekas. Namun walau bekas, tidak terlalu tua.
Naha atuh ari pitilupoéun deui kana jung, kira-kira jam hiji beurang , ujug-ujug reg aya mobil alus pisan, lirén payuneun Pa Gumbira. Harita di imah téh kakara aya Inggit jeung Ikbal, lian ti Bu Gumbira téh. Henteu kungsi lila kurunyung Jatnika. Rada jauh sakolana Jatnika mah. Sedengkeun Pa Gumbira, teu acan mulih ti kantorna. Biasana tabuh stengah lima, nembé dugi ka bumina.
Tiga hari sebelum keberangkatan, kira-kira jam saru siang, tiba-tiba berhenti sebuah mobil yang bagus, berhenti di Pa Gumbira. Aritnya di rumah itu baru ada Inggit dan Ikbal, selain dari Bu Gubira. Tak lama kemudian datanglah Jatnika. Agak jauh sekolahnya Jatnika itu. Sedangkan Pa Gumbira belum pulang dari kantornya. Biasanya setengah lima , baru sampai ke rumahnya.
Sangkaan saréréa, paling-paling bade naroskeun alamat. Pédah kabeneran keur araya di tepas. Da teu terang téa, saha jeung urang mana éta jalmi téh. Ngan pasti lain jelema sagawayah. Tina dangdanan jeung mobilna ogé katara jalma aya.
Dugaan semuanya, paling-paling juga akan menanyakan alamat. Karena kebetulan sedang ada di teras rumah. Karena tidak tahu, siapa dan orang mana orang itu. Namun pasti bukan orang sembarangan. Dari dandanan dan mobilnya saja kelihatan orang berada.
Ari pék si tatamu téh, ngahaja niat nepangan Pa Gumbira sakulawarga. Waktos diuningakeun Pa Gumbira masih kénéh aya di kantor, walerna téh, “Sawios bade diantosan baé,” cenah.
Ternyata si tamu, sengaja berniat bertemu Pa Gumbira sekeluarga. Waktu diberi tahu Pa Gumbira masih ada di kantor, jawabnya itu, “Biarkan saja nanti ditunggu saja katanya.
Atuh Bu Gumbita téh kacida bingungna. Margi kana waktosna Pa Gumbira mulih téh masih kénéh lami. Beui bingung lantara si tamu ngaléos, ninggalkeun pribumi. Tuluy rurusuhan muru mobil sarta mukakeun panto Beulah tukang.
Bu Gumbira  sangatlah bingung. Karena waktunya Pa Gumbira pulang itu masih lama. Semakin bingung karena si tamu pergi, meninggalkan tuan rumah. Lalu buru-buru menuju ke mobil dan membuka pintu sebelah belakang.
Asalna saréréa bingung campur atoh, barang ti jero mobil kaluar Si Aki. Bajuna henteu saperti keur dagang kembang. Ayeunamah beresih jeung alus. Nya kitu deuih kulitna. Henteu hideung saperti saméméhna.
Pada mulanya semuanya bingung bercampur gembira, ketika dari dalam mobil keluas Si Aki. Bajunya tidak seperti sedang dagang kembang. Sekarang beresih dan bagus. Begitu juga dengan kulitnya. Tidak seperti sebelumnya.
“Aki…..!” cenah” Inggit lumpat muru Si Aki. Gabrug duanana silih rangkul.
“Aki….! katanya” Inggit berlari menuju Si Kakek. Keduanya saling merangkul.
Geus karuhan kitu mah, Pa Gumbira teras diwartosan aya Si Aki.
Sudah tentu begitu, Pa Gumbira lalu diberitahu ada Si Aki.
Saha saleresna si tatamu téh? Singhoréng  putra Si Aki pangageungna. Anu majar salah saurang putra Si Aki pangageungna. Anu majar salahsaurang putrana, ampir sarimbag jeung Inggit. Ari pangna ngahaja nepangan, lian ti ngawartosan Si Aki téh moal dagang  kembang deui. Margi diwagel ku putra-putrana.
Siapa sebenarnya tamu tersebut? Ternyata anaknya Si Kakek yang paling besar. Yang katanya salah seorang anak Si Aki paling besar. Yang katanya salah seorang anaknya, hampir sewajah dengan Iggit. Sebab sengaja bertemu, selain dari memberitahu Si Aki tidak dagang lagi. Karena dilarang oleh anak-anaknya.
Tapi sakali-kalieun, pasti nganjang ka bumi Pa Gumbira. Utamana upama sono ka Inggit. Nya kitu deuih, Pa Gumbira sakulawargi, kedah sering ngalongok Si Aki di lembur.
Tapi sekali-kali, pasti berkunjung ke rumah Pa Gumbira. Utamanya jika kangen kepada Inggit. Begitu juga dengan Pa Gumbira sekeluarga, harus sering menengok Si Aki di kampung.
Teu sangka nya, Si Aki tukang nyunyurung roda kembang téh, putra-putrana maraju. Di antarana nu natamu ka Pa Gumbira. Kagungan pabrik beusi sagala, cenah, anjeunna téh.
Tidak sangka yah, Si Aki tukang mendorong roda kembang itu, anak-anaknya maju. Di antaranya yang bertamu ke Pak Gumbira. Punya pabrik besi segala katanya, dia itu.
CarPon Basa Sunda : Saung Katineung


Saban poé minggu mah, réngsé solat subuh téh sok langsung morongkol deui. Béda minggu ayeuna mah, isuk-isuk gé geus leuleumpangan. Méméh balik ka imah, ngahaja nyimpang heula di kebon jagong ki Oleh. Geuning geus leubeut. Geus pada apal kabéh urang dieu mah, mun hayang jagong di kebon ieu kudu daék heula tarung panco jeung Ki Oleh, nu bogana. Teu jauh tidinya, maplak tatangkalan endah diharudum ibun.

Ka belah kulon, teuteup eunteup di saung laeutik sisi sawah Haji Nono. Matak nineung matak waas. Kleung angkleung ingetan ngahaleuang ka mangsa keur leutik sok ulin bareng Dedi, Kokom jeung Lilis di saung éta. Gogonjakan, ngoyag-ngoyag tali bebegig. Manuk hariber. Jiga ayeuna, manuk silih udag. Panon poé geus ngeteyep rék nembongan. Kuring ngarénghap panjang. Teu karasa, Gusti, geus jauh ngulur umur, geus moal bisa dieureun-eureun atawa mulut nu geus liwat.
Balik ka imah, brus kuring mandi di sumur tukangeun imah. Mun pareng genah gegejeburan, sok poho batur nu ngantay rék milu ka cai. Geus rényom kadéngéna. Si bibi rék nyeuseuh mah, ki Momo rék miceun mah, Nyi Mimin rék ngisikan mah, jeung nu séjénna. Atuh réngsé mandi téh kabéh pada ngékéak. Puguhing ki Momo mah, teu weléh bari nyindir.
“Abong lila bubujangan, mandi gé lila. Iraha kawin, Jang?” pokna bari seuri ngahahah. Geus remen nu nanya kitu téh, tapi sok tara dilayanan. Bubuhan kakeuheul geus manteng. Mun seug ki Momo lain kolot, geus titatadi ditalian di tangakal balingbing pipir imah. Katempo manéhna ngaleos, sengit haseup bakona néjéh liang irung.
Dijero kamar kuring ngarahuh. Panon anteng melong eunteung. Geuning nyaan katempo pisan geus kuduna mungkas lalagasan. Umur sakieu di lembur mah moal teu pada nganaha-naha can boga pamajikan téh. Tapi da nepika ayeuna, mumul kawin téh. Lain teu payu, geus aya nu harayangeun mah. Mumun mah, randa Isah mah, Téh Ninih mah, Kokom mah, Lilis mah, Dedeh mah. Kabéh gé saropan tur gareulis manis. Nya kitu téa, kuring resep kénéh léléngohan. Lain sieun, lain teu boga biaya. Puguh wé gawé mah geus kawilang lumayan. Tabungan di bank geus meujeuhna keur rumah tangga mah. Kumaha deui, haté embung baé méréan. Teu bisa dipaksa-paksa.
Kadieunakeun, geus tara aya deui nu nganaha-naha, iwal ki Momo wé nu bangor kénéh ngaheureuyan kuring sual kawin mah. Kitu deui nu di imah, geus sieun mun nanyakeun sual kawin téh. Éta gé tisaprak kuring mudalkeun kaambek kanu di imah lantaran hayoh ditanya iraha kawin. Murang-maring sagala disépak. Adat kuring gedé ambek. Tisaprak kajadian éta, urang imah teu wani-wani deui nyeungeut amarah kuring. Sensitip ngomong sual kawin mah.
Awéwé-awéwé nu mimitina ngadeukeutan kuring ge ayeuna mah geus tara datang ka imah deui. Kabéh geus ngarasa bosen nungguan kuring. Béja mah Mumun can lila kawin jeung Kang Dadang, urang Majaléngka. Randa Isah teu kuat hayang rumah tangga, antukna kawin jeung mandor pabrik. Téh Ninih béjana keur deukeut jeung urang Padang. Lilis geus tara deui ulin ka imah, bejana Dedi mikahayang. Kokom geus pindah ka Palémbang. Dedeh béjana kapincut deui ku lalaki séjén. Kabéh gé lus-les pada néang jalan séwang-séwang, bakating ku cangkeul nungguan jeung miharep kuring meureun. Ki Dudus mah ngahanjakalkeun kana lalampahan kuring. Cenah mah awéwé geus dina lawang panto, kari unggeuk. Nya ayeuna mah kabéh pada bedo kudu lila nungguan kuring unggeuk daék tumarima rumah tangga. Jadi iraha rék kawin? Teuing atuh!
“Man! Geus siap, Man?!” kadéngé aya nu ngageroan di luar imah, meupeus lamunan kuring. Rikat kuring maké baju. Inget poé ayeuna Ki Dudus hayang dianteur ka Jatinangor, ngadon rék neangan cokelat di Jatos. Kateuing keur naon! Keur nini Mimih meureun.
***
Dina angkot kuring amprok jeung Darmaji, babaturan és ém pé. Atuh sono geus lila teu tepung. Nya sajajalan téh ngawangkong. Manéhna geus boga budak hiji. Cenah kawin jeun urang Rancakalong, urut babaturan sakelas pisan. Enya, jeung Ida. Kuring inget kénéh ka manéhna.
“Man, kamari pisan panggih jeung Dedi. Jadi ogé nya rék kawin. Jodona mah geuning jeung Kokom nya…” Ceuk Darmaji. Kuring ngaranjug. Jeung Kokom?
“Béja mah rék ka Lilis?” kuring kerung. Darmaji malik kerung.
“Har, karék apal ilaing? Atawa api-api teu apal?” Darmaji mingkin heran
“Keur naon kuring api-api teu apal. Apanan Dedi gé geus lila tara ulin deui ka imah.” Témbal kuring. Darmaji katangen gogodeg. Manéhna lila neuteup kuring.
“Lilis teu nyarita?”
“Nyarita nanahaon, Lilis gé ayeuna mah tara ulin deui ka imah. Sugan téh geus kawin jeung Dedi di Bandung.” Tembal kuring. Jempé sakeudeung.
“Man, Ceuk Dedi mah manéhna téh mikahayang Lilis, tapi Lilis nampik. Nya ayeuna jadina mah jeung Kokom. Milu hiber rumah tangga di Palembang. Beu, ilaing babaturan ulin keur leutik Dedi malah teu apal..” Darmaji ngajéntrékeun. Kuring ngahuleng.
“Ilaing nyaho kunanon Lilis nampik Dedi?” Darmaji nanya.
“Naon?”
“Ceuk Dedi mah Lilis miharep rumah tangga jeung ilaing. Lilis sorangan nu balaka ka Dedi, yén manéhna rék satia nungguan ilaing. Beu ilaing bet téga mihukum Lilis. Malahan ceuk beja kamari-kamari indungna geuring parna, mikiran budakna can kawin-kawin…”
Leng pikiran asa rinyay ngadéngéna, nyéah kana jero dada. Di Cikuda Dedi turun. Baku poé minggu mah di jalan téh sok macét. Pangpangna mah di Jatinangor, paciweuh ku nu lalar liwat rék ulin ka pasar mingguan di Unpad. Panon poé geus karasa panas. Hawa beuki bayeungyang. Pikiran jeung haté noroweco teu pupuguh. Baruk Lilis nungguan kuring?
Sajeroning macét, supir ngarti. Manéhna nyetel kasét dina tip mobil. Kadéngé haleuang tembang sunda. Ari ti mimiti naék ki Dudus mah teu ngawangkong saeutik-eutik acan, jiga nu nyeri huntu. Nya ngadéngé tembang téh jadi aya dédéngéeun dina kaayaan macét mah. Rey karasa aya nu ngeleketey dina lelembutan. Deng tembang marengan panineungan nu teu karasa kumalayang. Haleuang tembang karasa kana puhu kalbu…
asih urang…
diapungkeun ka langit
muntang kana mega
ucang-angge duaan…
asih hurang…
dipentangkeun ka langit
manteng dina bulan
ayang-ayangan duaan…
asih urang…
tingkaretip jiga bentang1
…..
Ser haté nu simpé dumadak haneut ngadéngéna. Tembang bieu lir ungkara basa nu ngusapan mapay-mapay garingna rasa. Tembangna nyaritakeun wanoja nu keur geugeut panineungan ku rasa cinta. Kumalayang haté sajongjonan. Ngarasa bagja teu pupuguh, ngarasa ngemplong pikir, tapi sakapeung hariwang teu puguh. Kuring ngarérét ka ki Dudus nu titatadi teu usik-usik. Bet haté sakapeung ngarasa keueung. Enya, Dedi gé ditampik bubuhan Lilis hayang satia nungguan kuring. Teuing geus sabaraha taun. Tapi naha Lilis tara ulin ka imah deui? Teu kungsi lila, kadéngé deui tembang anyar tina tip…
…..
hate ngarasa geugeut
hayang geura geura deukeut
rasa liwung gandrung
diri kapidangdung
semu ngalanglayung
hayang geura geura tepung
sawangan kumalayang ngawang-ngawang
nyipta rasa tinu anggang jeung manehna
implengan gumalindeng anteng mayeng
namperkeun rasa katineung kadirina
harepan geus jadi ampihan rasa
moal laas najan anggang jeung manehna2
…..
Bener kitu Lilis masih kénéh kangen ka kuring? Bener kitu manéhna teu pundung kawas nu lian? Bener ceuk Darmaji, kuring téga nganyeunyeuri manéhna. Sok jadi hanjakal geus kasar ka Lilis. Kuring nu kungsi kasar ka manéhna. Kuring nu kungsi nyentak manéhna. Babakuna teu ditari teu ditakon unggal manéhna nganjang ka imah. Geuning Lilis mah tetep satia, tetep miharep. Teu karasa tembang dina kasét ganti deui…

…..
dina lambaran katrésna
aya ringkang can kasorang
diri kapidangdung
dipapareng kuciptaan
liuh gumulung kahéman
mugia nyorang kabancang
sumerahna ieu diri
tumarima demi cinta
najan diri kudu nandangan tunggara
najan ukur saliwatan
najan ukur sakedapan
abdi pasrah moal robah pamadegan…3
…..

Duh ibarat kitu Lilis nungguan kuring téh. Palangsiang, boa manéhna tara ka imah deui téh sieun ku kuring, tisaprak kuring ngamuk sual kawin, kabeneran manéhna harita keur aya di imah kuring. Jigana Lilis nyeri haté. Jigana Lilis éra. Jigana ayeuna gé Lilis tara manggihan indung kuring ka imah téh lantaran sieun kuring nyangka nu lian-lian. Padahal Lilis mah tibaheula gé baku sok ngadon nganteuran ka indung kuring mawa sarupaning buah-buahan. Lilis nu éstuning nyaah ka indung kuring nu geus kolot…
Tapi ayeuna mah Lilis geus jiga nu sieun datang ka imah gé. Nu di imah gé geus tara ngomong-ngomong sual Lilis. Kabéh sieun ku ambek kuring. Indung sorangan gé geus tara nyabit-nyabit sual kawin, sual Lilis. Haleuang tembang teu eureun-eureun minuhan pikir kuring, ngusapan haté kuring.
“Kang, tos dugi Cileunyi. Aéh kalahka ngaharuleng” supir nakol kaca panto meupeus lamunan. Kuring jeung ki Dudus ngarénjag reuwas. Tuluy silih pelong. Geuning sarua jeung kuring, sihoréng simanahoreng ki Dudus gé titatadi anteng ngalamun, poho rék eureun di Jatinangor mah.
“Eta geura genah ngarasa dipépéndé kawih sunda sajajalan. Sedih jeung bungah karasana panineungan…” ki Dudus gagaro sirah nu teu ateul.
“Sarua, Ki…”
“Pir! Milu deui muter ka Tanjungsari. Tapi tong dipareman tipna!” ki Dudus ngacung.
***
Sajajalan kasét digeder, béak diputer deui, béak diputer deui. Teu eureun-eureun. Atuh kuring gé nepika apal. Kuring jeung ki Dudus mupakat balik deui ka Tanjungsari ngabélaan hayang tuluy ngadangukeun tembang. Meuli cokelat ka Jatos mah teu jadi. Sapanjang balik mah euweuh nu cacarita. Simpé. Ukur sora mesin mobil. Ukur haleuang tembang. Duh, sajeroning dipépénde tembang, ingetan manteng ka Lilis. Tibaheula manéhna nungguan kuring.
Teu karasa balikeunna mah gancang, geus tepi deui ka Tanjungsari. Can ge lila turun tina mobil, supir ngagorowok, “Kang, kaset pajeujeut!”
Ki Dudus ngadadak hayang buru-buru balik. Inget ka si Nini cenah. Antukna kuring leumpang sorangan. Sajajalan pikiran ngarasa sasab ka awang-awang, asa teu manggih arah. Haté norowéco ngarasa diturih wanci nu can pasti. Di tengah sawah manuk silih udag. Kuring leumpang luhur galengan, dumadak ngarasa hariwang ku hirup…
Di imah, kabéh keur kumpul. Kaayaan tengah imah jiga nu geus kaanjogan sémah. Aya bubuahan dipiringan deukeut panto.
“Aya sémah, Mah?” kuring nanya bari muka jaket. Jempé sakeudeung.
“Enya, aya Lilis. Bieu pisan mulang.” Tembal indung. Kuring neuteup ki Momo, ret ka adi. Si bibi ngaléos ka dapur. Aéh aya naon asa beda ti sasari. Kuring diuk ngahuleng sajongjonan deukeut jandéla kamar. Duh, Lilis nganjang deui…Karasa haté nitah cengkat ngudag Lilis nu jigana can mulang jauh. Kuring ngarawél jakét rék kaluar.
“Rék kamana deui, A?” indung nanya. Kuring neuteup panon indung.
“Rék manggihan Lilis…” Pok téh halon.
“Mun sakirana rék nganyeunyeuri manéhna jiga baheula, leuwih alus tong manggihan.” Ceuk indung kuring semu beurat. Katémbong panon indung ngembeng ku cipanon. Haté kuring ngdadak héab. Simpé sajongjonan. Sakur jelema nu aya didinya neuteup seukeut ka kuring. Rénghap kuring karasa heureut. Gancang kuring kaluar, gidig leumpang gagancangan…
Sajajalan dada karasa beurat. Hawar kadéngé deui tembang nu tadi dina mobil, piligenti nyiwitan ati…

lamun enya jodona
lamun enya kuduna
moal rék aya nu bisa misahkeunnana…
lamun enya cintana
lamun enya hayangna
ulah rek aya nu nyoba misahkeunnana…4
Katémbong tikajauhan Lilis rék balik meuntas sasak. Leumpang kuring digancangan. Mingkin deukuet, dada karasa mingkin heureut. Tilu lengkah ka Lilis kuring ngarandeg.
“Lilis…”
Lilis ngalieuk, semu reuwas amprok jeung kuring. Sakeudeung silih teuteup anteub. Lilis ngeluk tungkul, jiga nu teu wasa paadu teuteup jeung kuring. Kuring ngadeukeutan manéhna. Gap teu asa-asa nyekel leungeun Lilis. Kuring teu nyaho naon nu ngalamuk dina haté Lilis ayeuna. Kuring nungtun manéhna mapay galengan muru saung. Sajajalan nu kadangu ukur sora manuk. Gék kuring duaan dariuk di saung jiga baheula keur leutik. Nya di saung eta pisan, Lilis babarengan deui jeung kuring. Lila paheneng-heneng. Duaan pabetem-betem. Kuring ujug-ujug bingung rék ngomong naon. Lilis tanggah lalaunan, neuteup ka kuring sakedapan. Duh, Lis, geus lila teu tepung. Angin karasa humaliwir. Kuring jeung Lilis silih teuteup. Teu karasa haté ngangkat leungeun sorangan ngaranggeum leungeun Lilis.
“Lis, hapunten Akang, “ pok téh,” Tong jadi pundung. Haté mah teu bisa dibobodo gening. Kuring teh gening teu bisa hirup sorangan…” ceuk kuring halon. Lilis neuteup panon kuring. Duh, bulu panonna mingkin carentik baé. Lilis nu manis, kuat nandangan tunggara satia nungguan haté kuring léah tumarima. Kuring ujug-ujug ngarasa deudeuh jeung geugeut ka Lilis. Katémbong aya nu ngeyembeng lebah kongkolak panonna.
“Lilis bakal satia salawasna…” pokna. Teu kungsi lila manéhna ceurik. Cipanonna nyakclak kana leungeun kuring. Haneut. Teu karasa Lilis nyangsaya kana dada. Cipanonna beueus karasa dina dada kuring.
“Horeeee!!!” kadéngé aya sora nu kareprok tukangeun saung. Kuring jeung Lilis ngarénjag bareng. Reuwas naker. Katémbong ki Momo jeung ki Dudus saparakanca tingtorojol muru saung. Nyi Mimin, adi, si bibi jeung indung kuring nuturkeun ti tukang, sareuri jiga nu bungah. Ki Oleh ajarg-ajragan atoh. Kuring jeung Lilis silih pelong, tuluy Lilis imut ngagelenyu.
“Man, ilaing jadi rék kawin jeung Lilis téh?” ki Momo nanya saklek jiga nanya ka maling. Kuring neuteup Lilis sakeudeung. Lilis imut surti. Kuring unggeuk. Sakur nu aya didinya kabéh keprok deui. Ki Oleh ajrag-ajragan. Indung kuring ngagabruk Lilis jeung kuring bari ngagukguk ceurik, bakating ku bungah. Indung kuring nangtung bari nyusutan cipanon. Teu eureun-eureun syukur ka Gusti. Duh, gening salila ieu téh kuring lain nganyeuneyuri Lilis hungkul, tapi nganyeunyeuri indung, ngariripuh diri sorangan…
Kuring jeung Lilis silih teuteup geugeut. Barang rék nangkeup pisan Lilis, ki Oleh nyekelan taktak kuring.
“Eit, ke heula! Méméh nangkeup Lilis, ilaing kudu panco heula jeung kuring!” ceuk ki Oleh.
“Emang Lilis jagong!” ceuk ki Momo némpas.
“Ilaing mah Oleh baku sok maén sengsor waé!” ceuk ki Dudus nyereng. Kabéh nu aya didinya seuri akey-akeyan ngadéngé aki-aki silih haok. Lilis tungkul bari imut manis. Saung jadi saksina. Duh, Lis, kakara nyadar Akang mah, raray anjeun mun pareng kaisinan estuning katingalna mani geulis…